Doel Sumbang

Doel Sumbang - Mojang Bedegong Urang Jelekong lyrics

lamun hitut siga sora bangkong

mojang bedegong nu ngaku urang jelekong

lamun kerek siga sora bangkong

mojang bedegong nu ngaku urang jelekong

ti bau cikur icalan cintrong

mojang bedegong nu ngaku urang jelekong

cita cita boga salaki garong

di alun alun panggih jeung si mehong

pangsiunan budak buraong

nu ayeuna jadi tukang bangkong

di modalan ku haji engkong

(urang cibintu tah haji engkong teh bah eon)

beuki deket beuki rakeut

siga keretas di rapet

henteu lila ti harita

urusan eujeung KUA

rumah tangga anyang-anyangan

loba pisan pacengkadan

loba piring tingkalayang

ka tatangga ngagandengan

mojang bedegong nu ngaku urang jelekong

teu bisa tumarima kana kaayaan mehong

anu penghasilan ngan saukur tina bangkong

hayang televisi ngan kabeli gambar toong

laki rabi awet rajet

recet siga anak ancet

rumah tangga paburantak

siga samangka katincak

siga bioskop

rumah tangga bubaran

mojang bedegong ngaranda

si mehong jadi duda

mojang bedegong

beuki maceuh ngelmu bagong

dangdanan siga nu gelo

mejeng hayang meunag jodo!

lalakon hirup manusia

sok tara disangka sangka

jadi inget kana film

nu judulna Pretty Woman

mojang bedegong urang jelekong

aya anu mikanyaah

lalaki benghar jeung kasep

ceunah mah pajabat basah

nya nepi ka rumah tangga

make jeung awet sagala

tara kadenge pasea

romantis luar biasa

nujun atuh ari geus senang mah

nyai!

ulah bedegong deui we nya!

kuring mindeng pisan panggih

manehna jeung salakina

make mobil herang mewah

bari renceum ku berlian

sifat jelema jalanan

tara poho ku babaturan

malahan ku kuring pernah

maksa milu makan malam

keur dahar kuring tumaros

bari rada ngaharewos

"nyai, sanes kapungkur mah cita-cita

teh palay kagungan caroge ka garong

naha teu janten, robih pamadegan?"

ari tembalna teh

"ah henteu kang doel, justru abdi teh

ngemut

upami abdi nyiar caroge garong

tangtosna rada sesah

margi tangtosna age moal aya garong

anu wantun ngangken garong

atuh kaleresan abdi pendak sareng

pamegat kasep bari jabatanana basah

binga kabina bina abdi teh

da geuning carage abdi anu pajabat

basah teh

sagala rupina langkung ti garong!"

kuring teu bisa nyarita

da ceuk pikir kuring age memang

heuheuh!

duka atuh ah poek

urang duakeun we ku urang

mojang bedegong sing geura eling

Get this song at:  amazon.com sheetmusicplus.com

Share your thoughts

Comments